SALAH SAHA
Turangga hirup
kuring mangsa
nincak usum joledar
hujan netelakeun hiji carita
nu matak ngahibar kasedihan
Keur nincak mangsa halodo
kuring ngarep kana layurna hujan
tapi naha nincakna
mangsa hujan kana kahirupan
matak jadi hiji ancaman
Ancaman nu kumaha nu dimaksud
banjir lah
panyakit lah
na salah saha atuh eta teh?....
koceak sa eusi dunya ngagowak
ngebrehkeun hirup nu rongkah
ku tingkah polah nu teu ilahar
Salah saha?..
dunya terus tumanya
salah saha alam jadi ruksak
rongkah ka keueum ku cai
Cai nu ngalir ngajawab
salah manusa
nu teu peduli
kana kabersihan alam
Resikna alam dina pandangan manusa
lir ibarat tumpulna peso
nyaeta manusa jaman kiwari
nu ruksak
jeung teu sadar
kana hartina kaendahan